Subscribe:

Pages

Senin, 06 Desember 2010

Wawanohan

RISKA PUSPITA
PENDEKAR NU HAYANG JADI KOWAD

    Kawasna teu bisa kagambar ku caritaan, kumaha bagja jeung reueusna hiji kolot nu ngabogaan budak kawilang pinter jeung nyongcolang dina diajarna. Komo mun budakna teh remen jadi juara kelas dina unggal taunna mah.
    Riska Puspita nu lahir tanggal 21 september 1994 ti pasangan bapa Tatang Hermawan jeung Ibu Iis Sumiati, kawasna budak nu bisa dipake conto, da geus mere kasugemaan hate pikeun kolotna. Ti saprak asup ka SD, Riska teu weleh jadi juara umum di sakolana. Saterusna dina taun 2006, Riska jadi juara ka-2 siswa berprestasi tingkat kacamatan jeung juara ka-2 lomba catur tingkat kacamatan. Malah sanggeus nyuprih elmu di SMP negeri 1 Cigalontang Tasikmalaya prestasi diajarna leuwih ngaronjat. Ti keur kelas 7 keneh nepi ka kiwari di kelas 8 D, Riska teu weleh jadi juara kelas.
    Pantes kitu tea mah da Riska teh resep maca, malah kana nulis hususna nulis puisi oge karesepna. Hasil karya tulisna sok midang dina majalah dinding. Lian ti ngabogaan karesep kana maca jeung nulis, Riska oge resep kana olah raga penca silat. Kiwari Riska ngagabung ka perguruan penca silat”Perisai Diri” SMPN 1 Cigalontang. Dina unggal kagiatan, boh nu aya di lingkungan SMP boh di luar lingkungan SMP, Riska sering mintonkeun kabisana dina widang silat. Malah sok ngahaja aya nu ngondang dina hiji kagiatan sangkan mintonkeun kabisana dina widang penca silat.
    Prestasi sejenna nya eta jadi juara ka-3 lomba catur, juara ka-3 penca silat, jeung juara lomba baca puisi  tingkat wilayah Singaparna. Lian ti eta Riska kungsi miluan olimpiade MIPA. Dina kagiatan Pekan Kreativitas Siswa di sakolana, Riska jadi juara ka-3 baca puisi jeung ngarang bahasa Indonesia, sarta juara harapan ka-2 pidato bahasa Inggris. Waktu ditanya ngeunaan cita-citana, Riska nu tetep tumetep di Kp. Sukarame Desa Pusparaja Kecamatan Cigalontang the ngajawab “Hoyong janten Kowad” cenah bari imut.*** (Pipin Dasripin)

1 komentar:

Bocah Ingusan mengatakan...

ternyata pacar saya hebat ya bapak :)
hhee

Posting Komentar