Subscribe:

Pages

Senin, 06 Desember 2010

Bentang Sulintang

LISDAWATI
MAYORET DRUMBAND SMP N 1 CIGALONTANG

Lisdawati ngaran lengkepna mah. Ari sapopoe mah sok disarebut Lisda bae ku babaturanana teh. Sanggeus aya group Drumband di SMP Negeri 1 Cigalontang, Lisda kapeto jadi mayoret. ”Sok sanaos cape janten mayoret teh, namung resep.” ceuk lisda waktu ditanya ngeunaan suka dukana jadi mayoret teh.
Lisda teh putra ka hiji ti pasangan bapa Ace sareng ibu Karwati lahir di Tasikmalaya tanggal 28 bulan Maret taun 1994. Kiwari Lisda diuk di kelas 9.D SMP N 1 Cigalontang.
Lian ti miluan jadi mayoret, Lisda sok rajin miluan kagiatan ekstra nu sejenna, saperti PMR, Pramuka jeung Olah Raga. Malah ayeuna mah inyana teh sok dititah ngalatih adi-adina jadi mayoret pikeun regenerasi. Sabab sakeudeung deui Lisda mah baris tamat nyuprih elmu di ieu sakola teh. Di OSIS oge Lisda mah teu weleh aktif, malah kungsi jadi bendahara OSIS dina periode 2007/2008. ”Pikeun pangalaman!” saurna teh.
Kulantaran Ujian Nasional atawa UN sakeudeung deui, Lisda jeung nu sejenna keur soson-soson diajar. Sabab pikeun nyanghareupan UN mah kudu bener-bener, lain ngan ukur saheureuyeun.
Prestasi Lisda, kaitung lumayan. Di antarana bae kungsi jadi rengking ka 3 waktu di kelas VII, rengking ka 2 di kelas VIII malah waktu di SD ge Lisda kungsi jadi juara nyanyi solo tingkat ranting.
Kiwari Lisda tetep tumetep jeung kolotna di Kampung Cibitung RT 20/RW 07 Desa Jayapura Kec. Cigalontang Kab. Tasikmalaya.
Waktu ditanya cita-citana, Lisda nu ngabogaan hobi atawa karesep nyanyi jeung badminton teh ngajawab ”Hoyong janten dokter!” cenah bari imut.
Ka sugri anu hoyong wawanohan atawa kenalan mah tiasa langsung bae cenah, bari nyerenyeh. (Pip 1108)

Tidak ada komentar:

Posting Komentar