Subscribe:

Pages

Jumat, 26 November 2010

PAMAREKAN PANGAJARAN KONTEKSTUAL

PAMAREKAN PANGAJARAN KONTEKSTUAL
Ku: Pipin Dasripin

Loba pamarekan anu bisa dipake guru pikeun dilarapkeun dina lumangsungna kagiatan diajar ngajar. Pamarekan anu keur hangkeut dicobakeun kiwari dina rupa-rupa pangajaran nya eta Pamarekan Pangajaran Kontekstual (Contextual Teaching and Learning (CTL)), nya eta konsep diajar nu ngabantu guru ngaitkeun bahan anu diajarkeun jeung dunya nyata siswa, bari ngadorong siswa matalikeun kaweruh nu dicangkingna kana larapna dina kahirupan sapopoe. Pangaweruh jeung kaparigelan siswa dicangking tina usaha siswa ngawangun sorangan pangaweruh jeung kaparigelan anyar nalika diajar.
Pamarekan Pangajaran Kontekstual ngalibetkeun tujuh komponen utama pamarekan produktif, nya eta (1) Constructivism (konstruktivisme), (2) inquiry (manggihan), (3) questioning (tumanya), (4) learning community (masarakat diajar), (5) modeling (picontoeun), (6) reflection (refleksi), jeung (7) authentic assessment (meunteun saenyana). Sangkan leuwih jentre tujuh komponen pamarekan kontekstual di luhur teh urang pedar hiji-hiji.

1)      Constructivism ( Konstruktivisme)
Contructivism (Konstruktivisme) mangrupa dadasar mikir atawa folosofis yen kaweruh teh diwangun saeutik-saeutik, tur hasilna dijembaran ku konteks. Anu penting lain lobana bahan nu katampa ku siswa, tapi kumaha cara siswa nampa kaweruh. Ku kituna, pancen guru nya eta mere fasilitas proses diajar siswa ku cara-cara:
1)      ngajadikeun pangaweruh mangpaat tur luyu jeung siswa,
2)      nyadiakeun waktu pikeun manggihan jeung ngalarapkeun ideuna, jeung
3)      nyadarkeun diri siswa pikeun ngalarapkeun strategi sorangan dina diajar.

2)      Inquiry (Manggihan)
Ku pamarekan kontekstual mah siswa teh sina manggihan sorangan. Kaweruh jeung kaparigelan nu katampa ku siswa dipiharep lain tina nginget-nginget fakta, tapi tina hasil manggihan sorangan. Ari metode manggihan teh sifatna tepung geulang (siklus), nya eta observasi, tumanya, ngajukeun dugaan (hipotesis), ngumpulkeun data, jeung nyindekkeun. Lengkah-lengkahna kieu :
1)      ngarumuskeun masalah dina ngulik naon bae;
2)      nitenan atawa ngayakeun observasi;
3)      nganalisis jeung ngadadarkeun hasil dina tulisan; jeung
4)      midangkeun atawa ngawawarkeun hasil tulisan ka balarea (guru, siswa)


3)            Questioning  (Tumanya)
Pikeun nambahan kaweruh diantarana ngaliwatan tumanya. Kaweruh hiji jalma kapanggih tina hasil tumanya. Tumanya bisa jadi kagiatan guru pikeun ngadorong, ngaping, jeung meunteun kamampuh mikir siswa. Siswa anu loba tumanya dina waktu diajar, bakal nambahan kaweruh anu loba sarta bisa dibedakeun kabisana jeung baturna nu lian nu tara loba tatanya.
4)      Learning community (Masarakat Diajar)
Hasil diajar kapanggih ku cara gawe bareng atawa diajar ngelompok (kolaborasi). Di antara siswa diajar silihasih ku pangarti, silihasuh ku pangaweruh, silihasah ku pangabisa, silihdeudeul, siliheledan dina rupaning wawaran (sharing).
5)      Modeling (Picontoeun)
Dina pangajaran kudu aya kagiatan midangkeun conto atawa model keur tirueun. Guru kudu mere model, kumaha carana diajar. Najan kitu, guru lain hiji-hijina model. Anu bisa dijadikeun model teh bisa siswa, sastrawan, ahli basa, gambar, atawa barang-barang langsung gumantung kana kabutuhan dina proses kagiatan diajar ngajar.
6)      Reflection (Refleksi)
Refleksi mangrupa cara mikir ka tukang ngeunaan naon-naon nu geus dipilampah. Wujudiahna refleksi di tungtung pangajaran ku cara-cara:
1)      dadaran langsung ngeunaan naon-naon nu katampa harita;
2)      catetan dina buku siswa;
3)      kesan atawa saran siswa ngeunaan proses lumangsungna pangajaran;
4)      diskusi; jeung
5)      pidangan hasil karya siswa.

7)      Authentic assessment  (Meunteun anu sabenerna)
Dina hakekatna nu disebut meunteun atawa ngajen sabenerna teh nya eta kamajuan diajar dipeunteun atawa diajen tina proses, lain ngan ukur tina hasilna wungkul, tur dipilampah ku rupa-rupa cara. Jadi tes mah ngan ukur salahsahiji cara dina meunteun.
Meunteun sabenerna mangrupa cara pikeun mikanyaho bener henteuna proses diajar siswa tur kumaha kamekaranana. Ari pangajaran nu bener teh nya eta mantuan siswa sangkan mampuh diajar (learning how to learn) hiji hal, lain lobana wawaran nu katampa dina ahir pangajaran.
Ciri-ciri atawa karakteristik meunteun sabenerna, di antarana :
1)      dipilampah salila jeung sabada lumangsungna proses diajar ngajar;
2)      bisa dilarapkeun dina evaluasi formatif atawa sumatif;
3)      nu diukurna kaparigelan jeung paripolah, lain pangaweruh;
4)      sambung-sinambung;
5)      ngabaur atawa ngadumaniskeun (integrated); jeung
6)      bisa dipake salaku unduring laku (feed back).
Pamarekan pangajaran kontekstual teh miboga motto kieu: “Cara diajar anu pangalusna nya eta siswa ngawangun sorangan kalawan aktif nu dipahamna” (Student learn best by actively constructing their own understanding).
Pamarekan Pangajaran Kontekstual miboga sawatara ciri, di antarana, nya eta gawe bareng jeung silihdeudeul, pikaresepeun, diajar kalawan sumanget, pangajaran awor atawa ngadu manis (terintegrasi), ngagunakeun rupa-rupa sumber, siswa aktif, kritis, jeung kreatif, siliheledan (sharing) jeung babaturan, siswa ngaragakeun, guru ngalelempeng, pidangan karya siswa, jeung laporan (raport jeung karya siswa)
Strategi pangajaran make Pamarekan Kontekstual nyoko kana rupaning kagiatan saperti :
1)      Cara Belajar Siswa Aktif (CBSA);
2)      Pendekatan Proses, nya eta diajar bari milampah atawa praktek;
3)      Life skill education, nya eta atikan atawa diajar anu luyu jeung kaayaan lingkungan hirupna;
4)      Authentic instruction, nya eta pituduh atawa padoman diajar nu nyata;
5)      Inquiry-based learning, nya eta diajar manggihan hiji hal;
6)      Problem-based learning, nya eta diajar ngungkulan sorangan masalah nu kapanggih;
7)      Cooperative-learning, nya eta diajar ngelompok atawa gawe bareng;
8)      Service learning, nya eta diajar siswa ku cara diaping, dijaring, jeung digeroh kalawan enya-enya;
Runtuyan kagiatan pangajaran kontekstual, ceuk Zahorik (1995: 14:22) nyoko kana rupa-rupa kaweruh, nya eta :
  1. activating knowledge, anu ngaaktifkeun kaweruh nu geus nyampak dina diri siswa;
  2. acquiring knowledge, nu narima kaweruh anyar ku cara ngulik bahan sagemblengna, tuluy nitenan wincikanana;
  3. understanding knowledge, anu maham atawa nyangkem pangaweruh ku cara nyusun :
1)      konsep saheulaanan
2)      padungdengan bari siliheledan jeung babaturan (sharing),
3)      nyarungsum jeung mekarkeun hasil padungdengan;
  1. applying knowledge, nu mraktekeun pangaweruh jeung pangalaman; jeung
  2. reflecting knowledge, anu ngayakeun refleksi kana strategi pamarekan kaweruh nu katarima ku dirina



Dimuat dina Galura edisi V Mei 2009

Tidak ada komentar:

Posting Komentar