Subscribe:

Pages

Selasa, 23 November 2010

Pangajaran Basa

 Pangajaran Basa Sunda pikeun Kelas VII Sem.1

A. Nyarita dina Telepon

1. Titénan wacana di handap sarta baca sing bener!

NANYAKEUN TUGAS
Ku sabab nyeri beuteung, poé ieu Oga teu sakola. Untung henteu kapapanjangan. Geus dibawa ka rumah sakit, sarta nginum ubar ti apotik, nyeri beuteungna ampir cageur.
Bisi di sakola aya nanaon, pangpangna bisi aya tugas, manéhna nelepon ka Dicky. Dicky téh batur sabangkuna. Kabeneran Dicky aya. Keur migawé PR cenah.
“Hallo … tiasa nyarios sareng Dicky?” cenah. “Oh … ieu Dicky?” sigana sora sobatna, henteu pati kabadé.
“Alhamdulillah cageur. Ngan can bisa indit-inditan jauh. Laleuleus kénéh, urut terus-terusan miceun. Ari surat ngabéjaan kuring gering, katampi ku Ibu Saodah henteu? …. Oh, nuhun atuh. Jadi henteu di alpakeun….. “ Oga atoh.
Saperti biasa, apana ngintun serat ka sakola. Ka Wali Kelas. Eusina ngawartosan Oga teu bisa sakola. Suratna dianteurkeun ku lanceukna, sakalian bari sakola.
“Enya, éta, nu rék ditanyakeun ogé. Bisi aya tugas ........ Aya nyah? ...... Ngarang wungkul? ..... Ngarang naon? ...... Euweuh tugas nu séjénna? ..... Terus diajar naon baé tadi?....”
Tuh, nya untung Oga nelepon ka Dicky. Lamun henteu, isuk téh meureun pungak-pinguk. Batur ka harareup, ari manéhna ukur jadi tukang ngabandungan. Padahal pangajaran ngarang téh karesepna.
Inggis Dicky aya nu pohoeun, Oga nelepon deui ka Kinkin. Tapi, lantaran keur dipaké waé, kapaksa kudu sababaraha kali.
“Hallo .... ieu Kinkin nya? ... Euh, punten atuh ... Dupi Kinkinna aya?”
Adina geuning, nu narima telepon téh. Lain Kinkin. Tapi Kinkinna ogé aya. Sarua jeung Dicky, keur migawé tugas.
“Kin,” cék Oga, sanggeus sidik nu diajak nyarita téh batur sakelasna. “Enya, Oga .... Séhat. Kari leuleusna saeutik .... Isuk mah pasti sakola, sabab sieun tinggaleun palajaran. Malah pangna nelepon ka Kinkin Ogé, maluruh bisi aya nanaon,” cenah.
“Iwal tugas ngarang, tugas naon deui?” .... Oh ... Bener atuh cék Dicky.... Bieu, méméh nelepon Kinkin, nelepon ka Dicky heula. .... Bisi aya nu pohoeun. Jadi, bener, ukur tugas ngarang wungkul? .... Nuhun, nya Kin....
Dicutat tina : Makalah Sosialisasi Implementasi Kurikulum 2004
Satandar Kompeténsi Bahasa dan Sastra Sunda pikeun Guru-guru
SMP sa Jawa Barat.


Pancén Individu
Sanggeus wacana di luhur ku hidep dibaca, lengkepan wacana paguneman di handap ieu!
Oga     : “Hallo ... tiasa nyarios sareng Dicky?
Dicky    : “ .......................................................................................................................................
Oga     : “Oh ... ieu Dicky?”
Dicky    : “ ........................................................................................................................................
Oga     : “ Alhamdulillah cageur. Ngan can bisa indit-inditan jauh. Laleuleus kénéh, urut terus-
      terusan miceun. Ari surat ngabéjaan kuring gering, katampi ku Ibu Saodah henteu?”
Dicky    : “........................................................................................................................................
Oga     : ”Oh, nuhun atuh. Jadi henteu dialpakeun....”
Dicky     : “ ......................................................................................................................................
Oga     : “ Enya, éta,  nu rék ditanyakeun ogé. Bisi aya tugas..... Aya nyah?
Dicky    : “ ......................................................................................................................................
Oga     : “ Ngarang wungkul? ..... Ngarang naon?”
Dicky     : “ ......................................................................................................................................
Oga     : “ Euweuh tugas nu séjénna? ......... Terus diajar naon baé tadi?”
Dicky    : “ .....................................................................................................................................
Ragakeun !
    Sanggeus dieusian wacana di luhurkeun téh ragakeun ku dua urang siswa di hareupeun kelas, saperti nu keur nelepon!

Dimuat dina Galura edisi Minggu 1V Agustus 2009

Pangajaran Basa Sunda pikeun Kls. VIII Semester 1

A. Nulis Sisindiran
Titenan Sisindiran di handap ieu!
1.
Lamun urang hayang jajan,
Kade poho mawa piring.
Lamun hayang aya hujan,
Kudu ngamandian ucing
2.
Boboko sokona panjang,
Paranti nunda aseupan.
Halodo teuing ku panjang,
Patani engap-engapan

Sisindiran téh mangrupa karangan ugeran anu ngagunakeun rakitan basa dibalibirkeun. Sisindiran diwangun ku dua bagian, nya éta bagian cangkang jeung bagian eusi.
Sisindiran di luhur kaasup kana wangun paparikan, asal kecapna tina parek/parik nu hartina deukeut. Jadi paparikan mah nu dipentingkeun téh padeukeutna sora vokal, utamana sora vokal dina engang panungtung. Sora engang panungtung jajan (jajaran kahiji) sarua jeung sora engang panungutng jajaran ka tilu, hujan (sora a). Sora engang panungtung piring  sarua jeung sora engang panungtung ucing.( sora i). Lian ti eta, aya oge nu sora engang panungtung unggal jajarna sarua, saperti dina conto paparikan nu kadua di luhur.
Nu mangrupa cangkang dina paparikan di luhur, nya éta jajaran kahiji jeung kadua. Sedengkeun jajaran katilu jeung kaopat mangrupa eusi.
Lian ti paparikan aya nu disebut rarakitan. Asal kecapna tina rakit, maksudna nya éta papak atawa rata di puhu padalisan. Dina rarakitan, kecap dina awal jajaran/puhu padalisan sok dibalikan deui. Sangkan leuwih tétéla titénan conto di handap!
Conto

Majar maneh tumpak Honda,
Sihoreng tumpak keretek.
Majar maneh rek ngaronda,
Sihoreng rek ngadon kerek
Ngeunaan cangkang jeung eusi dina rarakitan, sarua jeung dina paparikan, nya éta jajaran kahiji jeung kadua mangrupa cangkang, sedengkeun jajaran katilu jeung kaopat mangrupa eusi.
    Lian ti paparikan jeung rarakitan, aya nu disebut wawangsalan. Ari wawangsalan téh sabangsa sisindiran,  diwangun ku cangkang jeung eusi. Ngan diwangun ku dua padalisan. Padalisan kahiji mangrupa cangkang, jeung padalisan kadua mangrupa eusi. Unggal padalisan matok diwangun ku dalapan engang. Pakaitna cangkang jeung eusi ku ayana wangsal anu murwakanti jeung kecap konci anu jadi inti dina padalisan eusi.
Conto :
Teu beunang dirangkong kolong, ( = hayam; wangsal)
Teu beunang dipikahayang    (kecap konci;inti)

    Conto di luhur téh mangrupa wawangsalan lanjaran. Aya oge nu disebut wawangsalan dangding, nya éta wawangsalan nu ditulisna dina wangun guguritan.

Pancén Individu
1. Jieun paparikan jeung rarakitan masing-masing tilu pada!
2. Téangan wangsalna atawa lengkepan wawangsalan di handap!
a.    Teu beunang hurang sawah,
Teu beunang ........................    (wangsalna: simeut.)
b.    Meri pendék ngojay hayam,
Henteu negtog pikir abdi         (wangsalna: .................................................)
c.    Srangéngé bijil peuting,
Rék sabulan rék sataun.        (wangsalna: ..................................................)
d.    Nya hujan taya eureunna
Abdi mah kalangkung ajrih.    (wangsalna: ..................................................)
e.    Aya nu dianjing cai,
Aya ............................        (wangsalna: ..................................................)

B. Kecap Sifat, Kecap Bilangan, Kecap Panambah.
1.    Kecap sifat, nya éta kecap nu nuduhkeun sifat atawa kaayaan barang katut gagantina. Contona: alus, geulis, kasép, beureum, pangalusna, pangpinterna, geulis pisan, sagoréng-goréngna, jsb.
2.    Kecap bilangan, nya éta kecap nu nuduhkeun jumlah barang atawa tingkatan. Contona: hiji, dua, tilu, kahiji, kadua, katilu, duaan, tiluan, opatan, sakarung, dua karung, sakilo, dua kilo, jsb.
3.    Kecap panambah, nya éta kecap pikeun leuwih ngantebkeun hal nu dianggap penting dina kalimah. Contona: téh, baé, ogé, téa, mah, deui, deuih, atuh, jsb.

Pancén Individu
a. Larapkeun kecap-kecap di handap kana kalimah!
1.    sapuluh meter
2.    kasep
3.    pangbodona
4.    saalus-alusna
5.    sapeti

b. Lengkepan kalimah di handap ku kecap panambah!
1.    Saha ............... nya ieu ........... ?
2.    Saha deui ....................., lamun lain hidep .................. nu indit ka ditu téh!
3.    Hampura ............... nya, kamari teu bisa datang!  
4.    Keur geulis ..................., pinter nyanyi ..................... néng Nita ....................
5.    Ulah ngalamun ........................... atuh, mending ogé brangbrangkeun anggur ............
6.    Nu kamari dibawa ka BP .................... lain Iman, tapi Eman.
7.    Kitu .................. Bu Ema sareng Bu Ima arangkat ka uleman.
8.    Itung ............... geura bisi aya nu kaliwat.
9.    Sikabayan ....................... loba akal.
10.    Kuring ................ da teu niat rek meuli baju, ngan kabeneran nempo nu ngagantung dina etalasé, jorojoy ........... kabita hayang dibeuli.


Pangajaran Basa Sunda pikeun Kls. IX Semester 1

A. Maca Artikel
Baca dina jero haté (ilo) artikel di handap ieu!

SATELIT  KOMUNIKASI
Elmu pangaweruh anu geus dipibanda ku manusa kiwari pikeun nalungtik ruang angkasa, masih kénéh can nyumponan upama dibandingkeun jeung legana ruang angkasa anu sakitu upluk-aplakna. Najan kitu upama dibanding-banding jeung jamanna para élmuwan buhun saperti: Johannes Képler, Galiléo Galiléi atawa Isac Newton, ahli-ahli bintang, matématika jeung fisika, tangtu waé élmu ruang angkasa kiwari geus kacida majuna. Geura wé, para élmuwan geus bisa ngirimkeun pesawat ruang angkasa ka bulan, kitu deui urang ngaliwatan buku-buku pelajaran di sakola katut buku-buku sains, jadi nyaraho yén di alam raya anu upluk-aplak téh aya jutaan galaksi di luareun galaksi urang, anu patinggarunduk tur garis édarna kacida tartibna, masing-masing tumut kana hukum-hukumna.
Urang gé jadi nyaho yén galaksi téh diwengku ku béntang-béntang, planét katut satelitna, nya éta benda alam anu milu muter ngurilingan planét.
Naon ari nu disebut satelit? Nurutkeun para ahli ruang angkasa, bulan téh disebut ogé satelit bumi (dunya). Jadi ringkesna mah hartina satelit téh “anu milu ngurilingan planét”. Ari bumi atawa dunya apan kasebutna planét téa. Contona deui lantaran bumi téh ngurilingan panon poé, bumi gé disebut satelit pikeun panon poé. Tah ku kituna peralatan komunikasi buatan jelema anu diapungkeun ka ruang angkasa téh disebut satelit, ku lantaran éta benda téh ngurilingan bumi.
Wangun satelit buatan manusa téh rupa-rupa, boh jenis, tipe, ukuran katut fungsina. Urang cokot salahsahiji contona, misalna baé Satelit Palapa. Ieu satelit téh kaasup tipe HS-333 buatan Hughes Air Craff Company, Amerika Serikat. Data Palapa antarana baé, Ukuran: garis tengah 75 inci, luhur 11 kaki, 3 inci sarta beuratna 300 kg (dina orbitan)
Saliwatan mah wangun Palapa téh bleg baé dreum minyak tanah dianténean anu wangunna buleud. Eta dreum téh pulasna semu bulao, sabab ngandung sél solar anu fungsina mun kasorot cahaya panonpoé bisa nimbulkeun daya listrik pikeun alat-alat listrik dina jero “beuteung” Palapa, anu kapsitasna bisa mancarkeun 12 saluran pemancar gelombang mikro sarta lebar band-na masing-masing 40 MHz katut anténe anu geus diarahkeun. Palapa kaasup jenis satelit komunikasi, hartina pikeun kaperluan komunikasi, saperti: telepon, téléks, transmisi data, lease circuit sarta siaran TV ngarah bisa katangkep di sakuliah wewengkon Nusantara. (Agah Nugraha)
                    Tina: Galura, Minggu III Oktober 1994

Wacana di luhur téh kaasup kana artikel nu ngabahas ngeunaan téknologi. Artikel téh nya éta tulisan nu medar ngeunaan hiji perkara. Artikel biasana sok dimuat dina koran-koran atawa majalah-majalah. Eusina rupa-rupa, aya nu ngeunaan téknologi, élmu pangaweruh, pendidikan, sosial, politik, kaagamaan, jsb.
1. Pancén
Jawab sakur panalék di handap!
a.    Dina wacana di luhur aya kalimah nu unina: Elmu pangaweruh anu geus dipibanda ku manusa kiwari pikeun nalungtik ruang angkasa, masih kénéh can nyumponan upama dibandingkeun jeung legana ruang angkasa anu sakitu upluk-aplakna. Cing pék jéntrékeun ku hidep naon maksud éta pernyataan téh!
b.    Béré conto téknologi anu ngagunakeun satelit !
c.    Ti iraha Indonesia mimiti ngagunakeun satelit komunikasi nya éta satelit Palapa téh, Naon sababna dingaranan satelit Palapa?
d.    Buatan mana satelit Palapa téh, naon mangfaatna pikeun urang?
e.    Naon ngaranna badan antariksa Amerika Serikat téh?
f.    Amerika geus sababaraha kali ngapungkeun pesawat ulang - alik luar angkasa. Cing pék sebutkeun naon baé ngaranna téh.
g.    Pesawat ruang angkasa naon nu munggaran tepi ka bulan téh? Saha astronotna téh? Ari pesawat ruang angkasa Amerika nu ngabeledug saméméh tepi ka ruang angkasa naon ngaranna ?

2. Diskusikeun
Téangan tulisan nu mangrupa artikel tina koran-koran atawa majalah-majalah anu eusina ngeunaan élmu pangaweruh. Prak ku hidep diskusikeun ngeunaan :
- eusi artikel
- téma artikel
- bahasa nu dipaké dina artikel
- cara nulis artikel

B. Babasan
    Babasan nya éta ucapan matok nu dipaké dina harti injeuman. Ditilik tina wangunna babasan téh aya tilu rupa, nya éta wangun kantetan, wangun frasa jeung babasan wangun rundayan. Contona:
1.    Kokolot begog = Nyanyahoanan kawas nu geus kolot, nyeta-nyeta kalakuan nu geus kolot
2.    Panjang leungeun = tukang ceceremed
3.    Asa katumbu umur = ngarasa atoh ditulungan dina keur aya kasusahan
4.    Gedé hulu = sombong, adigung
5.    Dibeuweung diutahkeun = dipikir kalayan asak
6.    Teu gugur teu angin = teu puguh sabab-sababna
7.     Teu unggut kalinduan teu gedag kaanginan = pageuh nyekel tangtungan sorangan, henteu kapangaruhan ku batur
8.    Laér gado = resep barang pénta, kabitaan
9.    Disakompétdaunkeun = disamarutkeun jeung nu boga dosa atawa jeung sabagian nu teu aleucreug.
10.    Dibéjérbéaskeun = dijéntrékeun, diécéskeun, ditétélakeun

Pancén Individu
Larapkeun babasan di handap ieu kana kalimah!
1.    Gedé hulu  
2.    Kokolot begog   
3.    Teu gugur teu angin  
4.    Panjang leungeun
5.    Laér gado   
6.    Asa katumbu umur
7.    Teu unggut kalinduan teu gedag kaanginan
8.    Disakompétdaunkeun
9.    Dibeuweung diutahkeun
10.    Dibéjérbéaskeun

Dimuat dina galura edisi II Oktober 2009

Tidak ada komentar:

Posting Komentar