Subscribe:

Pages

Jumat, 03 Desember 2010

Pangaweruh Basa Sunda


Sabada Netepan Sunat Idul Fitri (Lebaran)


LEBARAN JEUNG BOBORAN

    Kecap lebaran teh robahan tina kecap lubaran, asal kecapna nya eta lubar anu hartina budal, enggeusan atawa bubar. Upamana bubaran sakola, bubar rapat, bubar bioskop, jsb. Lebaran oge enggeusan tina puasa atawa bubar puasa,  nya eta tanggal hiji syawal, poe anu mulya, pinuh ku kasuka keur nu ngagem agama Islam.
    Ari kecap boboran lemesna tina kecap lebaran tea anu asal kecapna bobor, lemesna tina bubar, nu sarua hartina jeung kecap budal atawa enggeusan tea.
    Kecap bobor sok dipake ngalemeskeun kecap buka cara dina buka puasa, atawa dipake ngalemeskeun kecap bedah cara dina ngaboborkeun balong anu hartina ngabedahkeun balong atawa ngabobolkeun balong. Jadi bobor sarua jeung bedah sarua jeung bobol (bobor = bedah = bobol)
    Jadi boboran oge, atawa biasana ditambahan kecap siam (siam = saum lemesna tina puasa)

Tidak ada komentar:

Posting Komentar