DISUNATAN
Ku:
Pipin Dasripin
“Pah,
ayeuna disepitan téh?"
Fikri nanya ka bapana. Harita téh wanci subuh,
kakara hudang manehna teh.
Bapana
neuteup seukeut ka Fikri,
aya rasa kagagas ngadéngé budakna nanya kitu téh.
"Insya
Alloh énjing
kasep!" Bapana
ngawalon bari ngusapan sirah
Fikri
pinuh
ku rasa deudeuh.
"Kapan
ayeuna adik dibagi rapot pah,
saur papah adik disepitanana tos dibagi rapot?" Fikri nanya deui ka bapana pinuh ku panasaran. Fikri téh kakara kelas 1 SD. Rencanana rék disunatan geus dibagi
rapot semester 1.
"Pami
ayeuna disepitan, saha nu badé
nyandak rapot atuh kasép?" Bapana nanya deui. Fikri
nyéréngéh, kahartieun
meureun...
Kasampak di klinik sunat geus pinuh
ku nu rék disunatan jeung jalma nu nganteurna. Untung wé bapana Fikri,
daptarna ti sababaraha poéeun deui kana waktuna. Kacipta lamun daptar ngadadak
teuing kabagéan kasabaraha. Cacak daptar saméméhna
Fikri kabagéan giliran ka lima harita téh.
Acan dimimitian waktu Fikri, jeung
keluargana anjog ka éta klinik. Sok sanajan geus daptar saméméhna
tapi kudu daptar ulang. Nya harita Fikri dibarengan ku bapana daptar ulang.
Teu kungsi lila, perawat ngageroan
ngaran-ngaran budak nu rék disunatan. Harita ngaran Fikri gé
kasebut da limaan-limaan. Fikri asup nuturkeun budak séjén
nu sarua rék disunatan.
Indungna neuteup Fikri semu
salempang. Lantaran, kolot-kolotna teu meunang asup. Rasa hariwang, salempang
pabaur jadi hiji. Antukna cimatana murubut maseuhan pipina.
Rada lila ogé, Fikri di
jero rohangan tempat disunatan téh. Indungna teu daék cicing,
bulak balik kana panto mimiti Fikri asup. Gék diuk deui
dina korsi tempat diukna nu tadi. Elékésékéng katempona téh. Diukna teu daék cicing. Rét deui… rét deui kana panto. Teu muka kénéh
waé. Jung nangtung, terus muru panto jalan barudak muru
ruangan tempat disunatan.
Bapana Fikri, ngan ukur bisa
nempokeun kalakuan pamajikanana teh, bari haté mah teu
kendat-kendat ngadu’a ka Alloh, mugia budakna lancar disunatanana teu aya
halangan harungan.
Barang
bray téh
panto muka, séréngéh Fikri seuri teu aya riuk-riuk rasa nyeri. Geus disarung, teu buligir.
Gancang dirawu, dipangku ku bapana, disun taarna, terus dibawa ka na mobil.
Indungna teu kuateun, murubut cisocana, cisoca kabungah nu jadi indung nénjo budakna
disunatan. Bari babayar téh
cisocana terus
murubut maseuhan pipina.
“Dik,
nyeri teu?” Lanceukna nanya waktu geus aya na mobil.
“Teu,
Ka. Adik mah kan pemberani!” cenah, bari seuri.
Teu
karasa, cimata bapana ngeclak,
cimata kabungah. Bapana
bungah geus nohonan kawajiban salaku bapa, nyunatan budakna nu bungsu. Da ngan dua
budakna téh, duanana lalaki.
“Alhamdulillah,
Gusti.....” gerentes haténa.***
Singaparna,
2 Pebruari 2020
Tidak ada komentar:
Posting Komentar