Subscribe:

Pages

Rabu, 09 November 2011

Sajak Sunda

Sajak-sajak Pipin Dasripin


PATEKADAN
Ku: Pipin Dasripin





Alok cihcir ngageuing pikir
Ngahuru kalbu nu suwung
Ngahudang rasa
Nu kedal ngan cimata

Ngaraksa kaayaan nu tinggal wiwaha
Lakon manusa nu ngajadikeunana

Kiwari
Ati kageuing, diri ku giri
Nitenan diri nya cicing
Timbul rasa
Seja ngambah lautan kahirupan
Nu batan sakieu







Sajak



HAYANG KAWAS ANJEUN
Ku: Pipin Dasripin

Katingali anjeun ngapung di awang-awang
Dibarengan angin nu ngagendeng
Anjeun seuri suka bungah
Ningali waasna awang-awang

Kuring neuteup ka jauhna
Neuteup anjeun nu gumbira
Hate kumejot hayang nurutan
Ngawang-ngawang kawas anjeun
Tapi…. Teu bisa
Da rumasa ku kaayaan ….

Cintaraja, 030109










Sajak



HORENG…..
Ku: Pipin Dasripin



Hate teh asa sabil
Waktu diajak ka dayeuh
Duka ku naon, da teu merean
Horeng ……
Teu wasa nyebutkeunana

                                                                   Cintaraja, 030109



RUMASA
Ku: Pipin Dasripin



Reup panon poe surup muru paenggonan
Bareng jeung surupna hate kuring
Angin ngahiliwir nebak raga badag nu nguyung
Lungse lir kapas kaibunan



Sajak

LINI
Ku: Pipin Dasripin


Kabur pangacian, lumpat ka ditu ka dieu
Teu puguh nu dijugjug da hate ngaranjug
Galeong-galeong alam inggeung
Imah oyag lemah ampul-ampulan
Aya naon ieu the?
Kiamat kitu?
Lailaha illaloh … lailahaillaloh
Alohu Akbar …. Allohu Akbar ….

Hate mumuntang ka Nu Maha Suci
Sangkan tebih tina balai
Barudak ting koceak
Indungna rawah-riwih ceurik
Teu kuat nenjo imah tinggalebru

Borobot … kadenge kenteng ngaborobot
Bru nambru ka lemah
Mulek … pinuh kekebul
Bareng jeung mulekna hate
Kumaha pikahareupeun

Cintaraja, 5-9-2009



Sajak


PANGHAREPAN
Ku: Pipin Dasripin


Wening asih natrat na carita
Kedal ucap nande katresna
Langit bengras barangan bentang
Tingkaretip nyaangan manah
Lir nu disimbeuh
Galura rasa kaasih
Tingjelegur neumbrag dada
Lebah dinya
Kamelang ukur ngalangkang






KAHAYANG
Ku: Pipin Dasripin


Kahayang mah panonpoe teh bijil
Tapi mega ngahalangan
Kahayang mah diri teh ngapak
Tapi awak teu jangjangan


















Tidak ada komentar:

Posting Komentar