Subscribe:

Pages

Selasa, 23 November 2010

DONGENG

Dongeng Sasakala

SASAKALA LEMBUR KALAPA GENEP
Ku: Pipin Dasripin

    Di wewengkon  kabupaten Tasikmalaya, pernahna di kacamatan Cikalong wetan deukeut ka wates Kabupaten Ciamis, aya lembur nu katelahna teh lembur Kalapa Genep. Ku naon make dingaranan kalapa genep? Eta teh aya dongengna. Kieu geura.
    Jaman baheula di sisi walungan Cimedang, aya hiji imah nenggang nu dicicingan ku hiji aki-aki. Geus lila pisan matuhna di dinya teh. Manehna teh geus teu dulur teu baraya, estu nunggelis. Ari pagawean sapopoena ngahuma anu hasilna ukur cukup pangabutuh sorangan.
    Pikeun nambah-nambah panghasilan, mun keur salse di aki sok ngala lauk di walungan. Mun beubeunanganana rada mucekil, lauk teh sawareh sok dikere, keur bikeuneun lamun aya nu nganjang ka imahna.
    Si aki teh getol pisan ibadahna, sanajan keur gering oge manehna tara ninggalkeun solat nu lima waktu. Dina hiji waktu si aki wudu di tampian, tapi waktu rek balik, karasa awakna teu ngarareunah. Manehna teu kuateun balik ka imahna, untung harita kapanggih kun u keur ngobor manuk, tuluy dipangku dibawa ka imah si aki, langsung diubaran ku leob papagan lame, nya alhamdulillah ti harita mah jagjag deui.
    Usum ngijih geus datang, lahan nu dicicingan ku si aki teh kacaahan nepi ka imahna kaeueum. Si aki naek kana suhunan bari mawa kalapa genep meunang ngantetkeun nu lobana genep sirah.
    Hujan kalah ka beuki gede taya eureunna, iamah si aki beuki kakeueum, tungtungna si aki palid kabawa caah. Untung mawa kalapa tea, jadi awakna kabawa ngambang.
    Si aki nyangsang di muara walungan Cimedang. Lebah dinya cainya teu pati tarik  da geus rada ngajumleng. Manehna ngaboseh ka sisi, alhamdulillah salamet, terus diuk dina dahan tepi ka caina orot. Ari kalapa mah ngait kana dahan dina hiji nusa. Si aki pada nulungan dihanjatkeun ka darat.
    Heuleut sawatara lila, kalapa nu gait na tangkal di nusa teh sirungan jadi kitri. Ku sabab lahanna subur kitri teh tumuwuh mani morontod, beuki lila eta tangkal kalapa nu genep teh ahirna tepi kabuahanana. Ti harita eta tempat teh katelah Kalapagenep. Cag ah! ***




Dimuat dina Galura edisi Minggu II Sept’ 2009

Tidak ada komentar:

Posting Komentar