Subscribe:

Pages

Senin, 22 November 2010

CARA NEPIKEUN BAHAN PANGAJARAN DONGENG

Tujuan pangajaran sastra nya eta sangkan murid mibanda pangalaman jeung pangaweruh sastra. Ieu dua tujuan teh raket patalina jeung sarua pentingna. Ku ayana pangalaman sastra dipiharep sangkan murid mampuh neuleuman ajen inajen anu dipidangkeun dina karya sastra jeung mampuh ngarasakeun endahna karya sastra kalawan make media basa, boh lisan boh tulisan. Sedengkeun, ku ayana pangaweruh sastra, siswa dipiharep weruh kana sastra dumasar kana hal-hal nu sipatna teoritis.
            Tujuan pangajaran sastra bakal nangtukeun bahan jeung cara ngajarkeunana. Ku kituna, pikeun ngahontal tujuan pangajaran sastra, pangpangna pikeun meunangkeun pangalaman ngaapresiasi sastra bisa dilaksanakeun ngaliwatan rupa-rupa cara. Rusyana (1982:17-25) nyebutkeun dalapan cara nu bisa dilaksanakeun dina ngajarkeun sastra, nya eta:
  1. murid ngaregepkeun (karya sastra)
  2. murid maca (karya sastra)
  3. murid lalajo pagelaran
  4. murid silih tukeur pangalaman
  5. murid ngadongeng atawa deklamasi
  6. murid maca bedas
  7. murid ngarang carita atawa puisi
  8. murid maen drama

Dumasar kana katerangan di luhur, dina ngajarkeun sastra teh bisa milih salah sahiji cara atawa gabungan tina rupa-rupa cara gumantung kana tujuan nu baris dihontal. Upamana pangajaran apresiasi dongeng. Dina ngajarkeun dongeng kudu diluyukeun heula jeung tujuanana. Lamun tujuanana sangkan murid meunang pangalaman apresiasi dongeng, bisa make (1), (2), (3), jeung (4)
Sangkan leuwih jentre, ieu di handap rek dipedar hiji-hijina dumasar kana tujuan nu disebutkeun di luhur.
1. Murid Ngaregepkeun Dongeng
            Murid ngaregepkeun guru atawa babaturanana anu keur nyaritakeun deui dongeng. Kalimah anu digunakeunana diluyukeun jeung kaayaan murid. Kitu deui, dina suasana ngadongengna diluyukeun jeung kaayaan murid. Ieu kagiatan teh miharep sangkan murid mikaresep ngaregepkeun dongeng. Upamana bae, dongeng anu panjang bisa diringkeskeun ku guru, geus kitu kakara dicaritakeun deui ka murid.
            Lian ti eta murid bisa ngaregepkeun guru anu keur macakeun dongeng. Dina macakeunana teu kudu panjang-panjang. Ieu teh meredih sangkan murid ngarasa panasaran, tungtungna hayang maca sorangan.
2. Murid Maca Dongeng
            Sangkan murid mikaresep kana maca, guru kudu bisa nyadiakeun buku-buku bacaan anu sakirana dipikaresep ku murid, husuna dongeng. Upama di sakola can aya perpustakaan, guru jeung murid bisa ngayakeun pojok buku di kelas. Kagiatan kieu oge ngahudang karesep kana maca. Lamun di sakola geus aya perpustakaan umum, leuwih hade guru ngajak murid sangkan maraca.
3. Murid Lalajo Pagelaran
            Pagelaran karya sastra winangun dongeng bisa bae diayakeun ku sakola, upamana dina acara pangjurung laku kelas pamungkas. Tina pagelaran teh dipiharep murid meunang kasugemaan batin, sarta satuluyna mikaresep kana sastra sejenna.
4. Murid Silih Tukeur Pangalaman
            Sanggeus murid ngaregepkeun nu maca atawa lalajo pagelaran, tangtu bakal meunang pangalaman anu beda. Salian ti nyaritakeun pangalaman sorangan, murid bisa ngaregepkeun pangalaman baturna. Ku kieu teh murid bisa silih tukeur pangalaman, anu tinangtu bakal nambahan pangalaman masing-masing.
            Tah kitu diantarana sababaraha cara pikeun nepikeun bahan pangajaran apresiasi dongeng ka murid.

Ket. Dimuat dina Galura edisi minggu IV Pebruari 2009

Tidak ada komentar:

Posting Komentar