1. Sajak
Budaya Sunda
Kenging : Riska Puspita, siswi kelas VIII.D SMP N 1 Cigalontang
Seja neda pangraksana
Lawas wanci lali ka ki Sunda
Ngemut tina ieu panggeuing
Mieling kana budaya
Nyeungitkeun deui pawaris asli
Nurutkeun guguratna
Nu kiwari mimiti laas
Dina manah pada dulur
Hayu urang sarerea
Ngarumat budaya Sunda
Sangkan hate teu guligah
Mulang langgeng tur merenah
Dimuat dina Galura edisi Minggu 1 Maret 2009
2. Dangding
Paturay ( pupuh mijil )
Keur kelas 9 nu bade miang
Enggeus tepi kana hiji wanci
Lila moal tembong
Tapina hate sok emut bae
Ka carita nu moal leungit
Carita kamari
Urang ruing kumpul
Kade ulah lali ka simabdi
Paturay tos buktos
Najan peurih karasana hate
Muga urang patepang deui
Dina hiji wanci
Ulah rek angguklung
Dimuat dina Galura edisi Minggu 1 Maret 2009
3. Sajak
KASONO
Karangan: Ade Suhendar , siswi kelas VIII.E SMPN 1 Cigalontang
Kuring ceurik tengah peuting
Ras inget ka pakidulan
Nya eta bentang nu baranang
Ting garubrag ka handap
Ceurik jumerit kuring
Kadenge ka belah jiwa
Nyata neangan raga
Pikeun hirup di dunya
Kuring sare asa di surga
Ku rakekna bangkong
Ku krikna jangkrik
Peuting asa dipepende
Kuring hayang ngarobah nasib
Ambeh teu ngarasa kasiksa
Ngarasa nyeri hate
Ku kaayaan..
Ibu ... bapa....
Anjeun teh di mana?
Kuring sono
Hayang tepung sanajan na pangimpenan
Ya Alloh....!
Tepungkeun kuring jeung kolot kuring.
Dimuat dina Galura edisi Minggu 1 Maret 2009
4. Sajak
Pileuleuyan
Kenging : Lisdawati kelas IX.D SMPN 1 Cigalontang
Sakeudeung deui ....
Diri rek miang
Ninggalkeun katineung
Seja muka jalan anyar
Duh ... pileuleuyan
Kur bisa nyawang ti anggang
Ninggalkeun katineung
Rek muka nu masih hemeng
Pasirmalang ....
Tempat diri metik luang
Nyungsi pangarti mangsa beurang
Pikeun bekel mangsa nu datang
6. Dangding
Nunggelis (Magatru)
Kenging : Lisdawati, siswi kelas IX.D SMPN 1 Cigalontang
Mun inget ka indung bapa nu jauh
Anu mulang ka illahi
Bapa tilar indung jauh
Hate lara jeung nunggelis
Mun inget jenatna kolot
Dimuat dina Galura edisi Minggu 1 Maret 2009
Sajak
SAMAGAHA
Karangan: Dwi Hudarwati
Samagaha hate ....
Aleum, ceudeum
Reup... poek mongkleng
Samagaha hate
Samagaha hate
Sumpek ieu dada
Mongkleng, peteng
Ukur cahaya cinta nu nyaangan
Ukur cahaya cinta nu nulungan
Ukur obor kaasih nu jadi pangbeberah
Ukur kanyaah natrat nu jadi tamba
Tina samagaha hae nu ampir mugagkeun lengkah
Nu ampir nambuhkeun laku
Karanngan : Dwi Hudarwati
Kelas.VII.A SMPN 1 Cigalontang Tasikmalaya
Sajak
INDUNG JEUNG BAPA
Ku : Risa Soraya
Indung bapa teh
Upama panon poe
Panon poe anu nyaangan unggal poe
Upama bulan anu nyaangan ti peuting
Salapan sasih abdi dikandung ku indung
Dugi ka gubragna abdi ka dunya
Teu leupas ku jasa sarta kanyaah indung jeung bapa
Dugi ka sagede kieu teh angger teu leupas ku jasa indung jeung bapa
Kanyaah indung jeung bapa teh
Ibarat lauatan anu euweuh tungtungna
Kaasihna indung jeung bapa teh ageungna lir ibarat gunung
Kadeudeuhna panjang sapanjang jalan
Tah ku kituna
Urang teh kudu sukuran ka gusti anu Maha Suci
Kudu nyaah jeung bakti ka nu jadi indung jeung bapa
Sakumaha kanyaah indung bapa ka urang.
Karanngan : Risa Soraya
Kelas.VII.A SMPN 1 Cigalontang Tasikmalaya
Sajak
TUTURUS MANGSA
Ku: Herna Nurfadilah
Geus saat ieu cimata, geus saat
Kasedih anu ebreh ukur cameti na jero pikir
Nu karandapan sapanjungna beja angkara
Meh unggal waktu ieu kaca ngiberkeun cidra
Antara pati jeung hirup geus hese neang bedana
Mun wasa ngedalkeun kecap
Deuk dibaca ieu sajarah sapanjang jalan dumelah
Bari nyirian tanah-tanah panganjrekan
Sakalian nuturusan lebah
Pigeusaneun kuring reureuh
Karanngan : Herna Nurfadilah
Kelas.VII.A SMPN 1 Cigalontang Tasikmalaya
Sajak
BINGBANG
Ku: Wini Nursolihat
Bet hate marojengja
Kelet bulan’na harepan
Alum ngungun langit cahaya sumirat
Nyimbutan rasa marudah tresna ....
LAGU PANUNGTUNG
Ku: Wini Nursolihat
Lagu lawas nu meh tilem
Ngabangingik reumbay cimata wirahma
Galindengna sora
Nyanding kalewang
Babad carita ngahaleuang panjang
Mere lolongkrang impian ngiwat harepan
Karanngan : Wini Nursolihat
Kelas.VII.B SMPN 1 Cigalontang Tasikmalaya
Carita Pondok
NGALIWET DI BUMI BIBI
Kenging: Feby Lestary, Siswi Kls. VIII.A SMP N 1 Cigalontang
Basa dinten Minggu, abdi ngaliwet di bumi bibi di kampung Kutil. Anu mios ka ditu teh abdi, mamah sareng Syalu. Syalu teh putrana Bibi. Angkatna ka ka kampung Kutil teh naek mobil, da tebih ti rorompok teh.
Di jalan, abdi jajan heula di warung Bi Dedah sareng di warung Teh Hera. Di warung Bi Dedah mah jajan comring, ciki, petis kacang, sareng sangray jagong.
“Wa hoyong meser itu!” ceuk Syalu.
“Alu hoyong cocooan?” Abdi naros.
“Muhun.”
Ti dinya, abdi mapah bade megat mobil di Cirancak. Mobil teh ngadadak lami deuih, antukna ngantosan di warung Teh Hera. Di warung Teh Hera teh jajan oleh-oleh kangge De Ayas putrana Amang. Meser Nabati, cokolatos, sareng keju batang. Beres jajan, teu lami aya mobil.
“Ua aya mobil!” ceuk Syalu.
“Hayu ah, Nyi!” Saur mamah ka Teh Hera.
Naek we kana mobil. Dina mobil teh aya rombongan murid SD Bunisari nu mulih upacara adat.
Teu lila mobil tepi ka kampung Kutil, jrut tarurun tina mobil. Ka bumi bibi mah papah deui da lumayan jauh ti jalan raya teh.
Ngaliwet teh di sisi balong, da amang nuju ngadamel kandang hayam.
“De Ayas!” Abdi ngagorowok.
“Teh Ai!” De Ayas ajret-ajretan.
Di ditu teh aya amang nuju nguseup sareng A Baban raina Bibi. Anu ngaliwet mah rakana bibi, A. Rafik.
“Amang nuju naon?” Abdi naros ka amang.
“Nuju nguseup, teu kenging wae.” Saur amang.
Abdi, Syalu sareng de Ayas teras arameng. Nuju anteng arameng, aya munding. Eta munding teh nyampeurkeun. Abdi sareng Syalu lumpat muru kandang hayam dan sieun, ari de ayas jejeritan da kakantun.
Nu nguseup kakara meunang dua, lauk emas jeung nilem.
“Jang, tos we meser hayam, urang dibeuleum!” Saur mamah ka amang.
“Enya atuh!”
“Ai, nambut konci motor anu bapa!” saur amang.
“Ke mang urang candak heula ka bapa.”
Meser hayam teh ka Cinyungsang ku A. Rofik. Teu lila tos sumping deui. Meser hayamna anu sakilo satengah, mani ageung.
“Jang, geura naheur cai!”
“Mangga.” Saur amang.
Cai tos saheng, hayam anu tos dipeuncit teh dibanjur ku cai panas dina ember. Buluna dialaan ku amang, terus diberesihan ku mamah di pancuran nu aya di dinya.
Abdi sareng mamah ngampar samak. Teras ngadamel samara, sambel jahe sareng samara koneng kangge meuleum hayam. Anu bagean meuleum mah amang.
Nuju meuleum hayam, breg hujan. Abdi sarerea ngiuhan caket kandang hayam. Liwet, nya kitu deui hayam tos asak. Terus we sadayana taruang.
“Nyi, ka mana Jang Rapiq? Mamah naros ka bibi.
“Nuju bobo!”
“Moal nuang liwet?” mamah nanya deui.
“Da tara a Rapiq mah lamun ngaliwet ge, mangmasakkeun wungkul.”
Abdi emam sareng pingping hayam, ari pek teh atah keneh, sareng kurupuk we. Tos emam, abdi, mamah, sareng Syalu ka jaman heula, teras aruih.***
Dimuat dina Tabloid "Galura"
NGUNGKULAN MUSIBAH LINI DI CIGALONTANG
( Wawancara sareng Pa Wawan, Danramil Kec. Cigalontang )
Kenging: Ana Rosdiana, siswi Kelas VIII.C SMP N 1 Cigalontang
Sabada lini badag (7,3 skala Richter) ngoyagkeun wilayah Tasikmalaya hususna di Kacamatan Cigalontang dina tanggal 2 September 2009, loba wangunan boh imah boh pasilitas umum saperti sakola-sakola loba anu raruntuh. Ku kituna loba masarakat anu ngarungsi sarta matuh di tenda-tenda pangungsian. Pikeun neangan informasi kumaha cara ngungkulan eta musibah, Ana Rosdiana siswi kelas VIII.C SMP N1 Cigalontang, ngahaja ngawawancara bapa Wawan Setiawan salaku Danramil di Kacamatan Cigalontang. Hasil wawancarana saperti di handap ieu.
Ana R. : Assalamu’alaikum, pa! punten nyontang waktos sakedap, aya
anu bade ditaroskeun!”
Danramil : Waalaikum salam, mangga!
Ana R. : Dupi nami bapa saha, sareng jabatan bapa naon?
Danramil : Wawan Setiawan. Jabatan Danramil Kacamatan Cigalontang
Ana R. : Bapa teh pituin urang mana?
Danramil : Urang Cirebon.
Ana R. : Dupi di Koramil aya sabaraha anggota?
Danramil : 20 anggota
Ana R : Sakumaha nu kauninga di Cigalontang teh mangrupi daerah nu pangparahna kenging ku lini. Kumaha cara ngungkulan korban lini teh?
Danramil : 1) utamakeun pangungsi, kedah salamet sareng tiasa tuang; 2) MCK pikeun pangungsi kedah sayogi di tiap-tiap tenda pangungsi, supados teu nyebarkeun panyakit.
Ana R. : Dupi sukarelawanna seueur teu, pa?
Danramil : Seueur, diantawisna ti marinir aya 20 anggota, ti Brimob aya 52 anggota,
BMM aya 15 jalmi, organisasi pamuda, masarakat jeung nu sanesna.
Ana R. : Kumaha kasulitanana dina ngungkulan korban lini di
Cigalontang?
Danramil : Utamina mah urang merlukeun matrial, tapi teu acan lungsur ti
pamarentah, boh ti kota atanapi kabupaten. Jadi tanaga siap bantuan teu aya.
Ana R. : Hatur nuhun pa kana waktosna. Assalamualaikum!
Danramil : Sami-sami. Waalaikum salam
Dimuat dina Tabloid "Galura"
Langganan:
Posting Komentar (Atom)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar