Subscribe:

Pages

Senin, 06 Desember 2010

Wawanohan

IRMA HERMAYANTI,
PUPUHU OSIS HAYANG JADI ARSITEK


    Pikeun di lingkungan SMP Negeri 1 Cigalontang mah, ka ngaran Irma Hermayanti teh geus moal bireuk deui, sabab di sakolana jadi pupuhu OSIS. Lahir di Tasikmalaya tanggal 12 Mei 1993. Irma teh putrana bapa Suherman sareng ibu Tati Nurhayati. Kiwari Irma diuk di kelas 8.b SMP Negeri 1 Cigalontang Kabupaten Tasikmalaya.
    Sok sanajan aktif dina rupa-rupa kagiatan ekstra kurikuler, lain hartina nyapirakeun kagiatan intra. Ieu teh katingali tina prestasina anu nyongcolang. Ti keur di SD keneh nya eta di SD Pusparja, Irma jadi juara umum. Malah di kiwari di SMP teu weleh jadi rangking ka- 1 di kelasna. Lian ti jadi juara di sakolana, Irma kungsi jadi juara 1 melukis tingkat kacamatan dina raraga Porseni SD sarta juara ka-4 tingkat Kabupaten dina taun 2005.
    Can kungsi lila, Irma miluan lomba cepat tepat MIPA+Agama nu dikokojoan ku Al-Amin Tasikmalaya, olimpiade MIPA jeung lomba siswa berprestasi tingkat kabupaten taun 2008.
    Irma salawas aktif dina widang organisasi di sakolana, nepi ka ayeuna jadi pupuhu OSIS SMP Negeri 1 Cigalontang Kab. Tasikmalaya periode 2007/2008. Kagiatan PMR, Pramuka, kasenian, olah raga jeung drumban oge salawasna dipiluan.
    Kiwari Irma tumetep jeung kolotna di Kp. Sukarame Desa Pusparaja Kacamatan Cigalontang.
    ”Hoyong janten Arsitek” ceuk Irma anu boga karesep kana ngagambar teh, netelakeun cita-citana. (Pip 0608).

Tidak ada komentar:

Posting Komentar