TUNGGARA MAWA
BALANGSAK
Ibun isuk maseuhan rebun-rebun
Mapay tapak lacak na amparan jagat
Tanda aya jalma lumampah
Muru lapak nu mayakpak ngampar hampalan
Aya harewos bangun haroshos
Nandakeun kasedih nu matak ngingkin
Angin mingkin haliwir nitip hate nu pejet
Nguyung ngungkun muru rungkun
Tuh bulan nembongan, ngabeberah hate pejet
Tuh bentang nyaangan hate nu nguyung
Ngabeberah sukma nu tunggara
Jalma nu lumampah mawa bungah
Hanjakal pangbeberah teu matak betah
Panghibur muru kalabur
Muru padumukan nu mungkur lungsur
Beja sagara barana leupas saharita
Tidak ada komentar:
Posting Komentar