Subscribe:

Pages

Senin, 06 Desember 2010

NYANGHAREUPAN UJIAN NASIONAL

NYANGHAREUPAN UJIAN NASIONAL
Drs. PIPIN DASRIPIN, M.Pd.

    Sakeudeung deui boh, siswa kelas 9 SMP, M.Ts. boh siswa kelas 12 SMA, SMK bakal ngalaksanakeun Ujian Nasional (UN) Nyakitu deui siswa kelas 6 SD bakal nyanghareupan  Ujian Akhir Sekolah Berstandar Nasional (UASBN).
Ari ujian nasional teh dina enas-enasna mah hiji kagiatan pikeun ngukur kamampuh (kompetensi) jeung ngajen siswa sacara nasional nu diayakeun di jenjang pendidikan dasar jeung menengah. Jadi sakabeh siswa nu sakola di jenjang pendidikan dasar jeung menengah wajib ngiluan ujian nasional.
Mata pelajaran anu di Ujian Nasionalkeun di SMP dina taun pelajaran 2009/2010 aya 4 mata pelajaran, nya eta Bahasa Indonesia, Matematika, Bahasa Inggris, jeung IPA. Sedengkeun jumlah soal Bahasa Indonesia 50 soal, Matematika 40 soal, Bahasa Inggris 50 soal djeung IPA lobana 40 soal kalayan waktuna 120 menit atawa 2 jam. Dina taun tahun pelajaran 2009/2010 mah bisa lulus Ujian Nasional teh rata-rata sakabeh mata pelajaran kudu 5,50, sarua jeung taun (2008/2009). Dina taun 2010/2011 aya kamungkinan naek atawa sarua jeung taun katukang.
Sok sanajan dina taun ayeuna rata-rata kelulusan 5,50, hidep teu kudu sieun teu lulus, tapi justru kudu narekahan sangkan hidep bisa lulus. Pikeun nyanghareupan Ujian Nasional, di sakola-sakola sok diayakeun pangajaran tambahan.
Dina eta kagiatan hidep salawasna kudu miluan ulah henteu, lantaran dina eta kagiatan hidep bakal nambahan elmu pangaweruh jeung taktik dina migawe soal. Guru biasana lian ti mikeun elmu pangaweruh tambahan, oge sok ditambahan kumaha carana dina ngajawab soal (taktik ngajawab soal).
Lian ti eta aya sababaraha hal anu kudu diperhatikeun dina nyanghareupan Ujian Nasional (Kiat UN). Di handap ieu urang guar, sok sanajan saulas tapi mudah-mudahan aya mangfaatna.
1.    Dina nyanghareupan Ujian Nasional hidep kudu leuwih rajin diajar, lantaran materi soal lain ti kelas 9 wae upama di SMP, tapi ti kelas 7 jeung kelas 8. tingkat kasulitan soal tangtuna wae leuwih hese upama dibandingkeun jeung soal-soal ulangan harian atawa ulangan umum. Cara diajar nu efektif mah biasana diajar kelompok, sangkan hidep bisa diskusi jeung babaturan. Tapi, diajar mandiri oge bisa. Sangkan aya gambaran ngeunaan soal Ujian Nasional, hidep bisa ningali tina soal-soal Ujian Nasional nu ti heula. Malah ayeuna mah di toko-toko buku geus loba buku kumpulan soal-soal Ujian Nasional taun-taun katukang jeung dilengkepan ku cara migawena sarta sakalian konci jawabanana. Kade lamun di sakola hidep aya perpustakaan, eta oge bisa digunakeun pikeun nambahan elmu pangaweruh pikeun nyanghareupan ujian nasional.
2.    Pikeun nyanghareupan Ujian Nasional ieu, hidep kudu nyiapkeun strategi diajar. Hartina hidep kudu bisa ngarobah pola diajar anu salila ieu ku hidep dijalankeun. Hidep kudu bisa neangan cara diajar anu bener-bener efektif jeung efisien. Lian ti eta, hidep kudu bisa manggihan kahengkeran hidep dina neuleuman mata pelajaran. Upamana hidep hengker dina matematika, tangtuna wae hidep kudu bener-bener diajar matematika na.
3.    Pikeun nyanghareupan Ujian Nasional hidep kudu bisa ngajaga kasehatan. Lamun urang teu sehat, tangtu wae lamun migawe hiji pagawean hasilna moal nyugemakeun, lantaran dina kondisi awak teu sehat pagawean oge moal maksimal. Ku sabab kitu kasehatan mangrupa modal utama pikeun migawe hiji pagawean. Tah, dina nyanghareupan Ujian Nasional oge hidep kudu bisa ngajaga kasehatan hidep. Lantaran lamun kasehatan hidep teu dijaga ti ayeuna sok bisi dina waktu Ujian Nasional teh gering. Tangtu wae lamun hidep migawe soal Ujian Nasional dina kaayaan gering, hasilna moal nyugemakeun, malah kamungkinan hidep teu lulus. Sabab, pikiran hidep kaganggu ku mikiran awak nu keur gering. Sangkan awak urang salawasna sehat, urang kudu bisa ngatur waktu, sare sacukupna, ngadahar kadaharan anu ngandung gizi jeung olah raga anu teratur.
4.    Ulah loba kabingung lamun urang nyanghareupan Ujian Nasional. Upamana sok sieun teu lulus, sieun teu katampa di SMA paforit lamun geus lulus, jsb. Eta teh bakal mangaruhan kana hasil ujian. Sabab, lamun urang rek ujian geus sieun teu lulus, tangtu wae dina nyanghareupan soal ujian oge moal tenang. Ahirna bisa ngabalukarkeun teu lulusna ujian. Ku kituna tenangkeun pikiran hidep, ulah loba pikiran anu teu pararuguh nu bisa mangaruhan kana migawe soal. Lamun urang migawe soal ujian dina kaayaan tenang, tangtu wae pikiran urang teh bakal cangra, sarta bakal sumanget migawena.
5.    Dina migawe soal ujian nasional, hidep ulah curang. Upamana niron pagawean batur, atawa niron tina catetan, jeung sajabana. Eta hal teh bakal mangaruhan kana jiwa hidep sorangan, nya eta jadi kangeungeunaheun niron ti batur, teu mikir sorangan, nu ahirna bakal ngurangan kana kapercayaan dirina. Lian ti eta, hidep ulah hayang neangan bocoran soal atawa konci jawaban Ujian Nasional. Sabab, can tangtu soal atawa konci jawaban teh jauh jeung nu dipiharep.
6.    Waktu Ujian Nasional, hidep kudu bisa milih soal, upamana migawe heula soal nu ceuk hidep gampang. Teu kudu noron ti nomer hiji heula, tapi bisa nu mana wae, nu penting hidep bisa migawe eta soal. Kade dina migawe soal teh hidep kudu bener-bener ngarti kana eusi soal. Sabab, lamun salah ngahartikeun eusi soal bakal ngabalukarkeun salah dina ngajawab.
7.    Ujian Nasional biasana sok ngagunakeun Lembar Jawaban Komputer (LJK). Tangtuna wae dina LJK lian ti option a,b,c, jeung option d nu kudu dihideungan, aya oge identitas peserta anu kudu dieusian. Sing ati-ati dina ngeusianana, ulah salah dina ngeusian ngaran hidep, tempat tanggal lahir, ngaran mata pelajaran anu diujikeun, waktu ujian, asal sakola jeung tanda tangan. Ulah poho ngeusian kode paket soal, kade bisi salah. Taun katukang mah (2009/2010) kode paket soal Ujian Nasional teh nya eta paket 12 jeung paket 45. lamun salah ngeusian kode paket soal, hidep bakal rugi, sabab tangtuna wae konci jawaban bakal beda.
8.    Samemeh ujian dilaksanakeun, ulah poho ngado’a. Sabab, ku ngadoa hate urang bakal tenang dina migawe hiji pagawean. Nya kitu deui dina migawe soal ujian, lamun urang loba ngado’a mudah-mudahan bisa ngahontal hasil nu nyugemakeun. Urang salaku manusa ngan ukur bisa ngararancang, Allah nu nangtukeun. Ku kituna sing loba ngado’a, mugi-mugi bae ujian nasional teh lumangsung kalawan lancar sarta ngahontal hasil nu nyugemakeun.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar